Bulan
beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup.
Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna
pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang
ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan
ngajadi.
Asa
cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang samoja di
pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara
pisan. Malah saméméh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji
anu diamanatkeun téh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh
kamomorékeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun
miara éta tangkal samoja.
Indit
téh éstuning taya kereteg ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu
kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna
panonpoé nu baris maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté ngaronghéap. Datangna
teuing ti lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katémbongna mani geus
saged, beberengkes, bangun rék indit-inditan.
“Hayu
atuh!” pokna.
“Hayu?
Ka mana?” kuring kerung.
“Har,
apan kamari geus dibadamian. Urang téh rék nyaba ka jauhna, ka alas peuntas.
Urang nyiar kasenangan di ditu!”
“Asa
kakara ngadéngé kuring mah?”
“Aéh-aéh,
apan geus dibéjaan ti tangéhna ogé. Urang téh rék nyaba ka ditu. Matak harita
bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun pakeun
sarta ulah natambuh waktu. Bekel ieuh, kudu mawa bekel!”
“Kumaha
atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”
“Keun
baé, kitu wéh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal!”
“Saha
baé nu milu téh?”
“Loba.
Geus taruluy batur mah!”
Mani
asa rurusuhan indit téh. Asana mah, henteu mandi-mandi acan. Da éta, Pa Érté
mani ngabebereg, henteu méré pisan témpo. Kuring nepi ka poho, henteu ngonci
heula imah, henteu maraban domba, atawa nitipkeun pakaya jeung tangkal samoja
ka nu aya di lembur.
“Keun
baé da engké ogé aya nu ngurus!” cék Pa Érté sajeroning leumpang.
Nepi
ka palabuan, enya baé geus ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur kuring,
misah di beulah wétan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Lebé, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah
Wirya, katémbong keur ngabaredega. Panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nu
keur nyawang pikahareupeun.
Kapal
anu rék mawa kuring – teuing ka mana, da Pa Érté can kungsi ngécéskeun – geus
ngajugrug di basisir. Kapal anu nya badag nya jangkung, asa can kungsi manggih
tandinganana.
“Geus
kumpul saréréa?” cék Pa Lebé.
“Parantos
sigana mah,” Pa Kuwu nu ngawalon téh.
“Hayu
atuh urang indit ayeuna!”
Kabéh
asup kana kapal. Dipingpin ku Pa Lebé. Tapi anéh, ari barudakna mah henteu sina
milu. Kalah ka diantep ngajanteng di sisi basisir. Katémbongna, maranéhna
bangun sedih naker. Loba nu carinakdak. Malah kadéngé lapat-lapat, aya nu
ngahariring lagu Pileuleuyan. Euleuh, geuning aya nu maca tahlil sagala
rupa.
Basa
hatong kapal disada, asa aya nu ngajedud dina jajantung. Nya di basisir ieu
pisan, saniskara katineung baris diteundeun, biheung kasampeur deui.
Nepi
ka ayeuna, sajeroning nangtung dina dék kapal, kuring bingung kénéh. Rék ka
mana ieu téh? Saenyana, éta pananya bisa ditepikeun ka Pa Érté, atawa ka saha
baé. Ngan can aya waktu nu rinéh. Sabab kabéh ogé, keur anteng narangtung bari
nyawang cai laut nu ririakan kasorot bulan nu beuki pias.
Nu
ngajanteng di dék kapal téh, nu keur ngalamun kawas kuring, jumlahna teuing
sabaraha urang. Ngajajar heuleut saméter. Kawas nu dikomando, leungeun
maranéhna nangkeup harigu. Sorot panon ka jauhna, teu ngiceup-ngiceup.
Moal
boa, ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri. Gancangna teuing sakumaha, geus
teu karasa.
Pa
Érté ngajanteng pisan gigireun kuring. Teuing iraha jolna, da tadi mah anu
ngajanteng lebah dinya téh Pa Olot. Asa manggih kasempetan pikeun nepikeun
kapanasaran, Pa Érte gancang ditoél.
“Pa,
rék kamana urang téh?”
“Engké
ogé apal sorangan!” walonna bari henteu ngarérét-rérét acan.
Ngadéngé
jawaban kitu mah, angger baé lebeng. Poékeun. Nya kapaksa baé, keur saheulaanan
mah, dijawab ku sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harénghéng di lembur.
Bisa
jadi, pangna Pa Lebé saparakanca ngajak miang téh, lantaran kaayaan lembur geus
henteu pikabetaheun deui. Paceklik nu panjang. Kurang dahareun. Pagebug. Loba
kasakit. Taneuh nu angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari
nineungna mah, napel kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring,
moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu
matak héran téh, boh Pa Lebé, boh nu séjénna, kawas nu mentingkeun sorangan.
Naha ari anak pamajikan henteu dibawa, diculjeunkeun kitu baé? Saha nu
ngurusna?
Kituna
mah, aya alesan maranéhna indit ninggalkeun lembur ogé. Alesan anu ku kuring
karasa jeung karampa. Méh kabéh anu ayeuna keur nangtung dina dék kapal, papada
boga bangbaluh hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu
nepi ka maranéhna miang ogé, biheung geus réngsé.
Kuring
leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran jelema-jelema anu keur narangtung
nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa Érté. Dina panon Pa Érté katara aya nu
ngembeng. Boa manéhna keur ingeteun ka pamajikanana, da basa ditinggalkeun téh
keur meujeuhna bureuyeung. Atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan.
Kuring apal pisan, hirup Pa Érté ti baheula ogé henteu manggih kamarasan.
Imahna nu nenggang di tungtung lembur, nu geus déngdék ka kénca alatan dihakan
umur. Cék béja, ti barang rumah tangga Pa Érté hayang ngoméan éta imah téh.
Keun bae panggung ogé, weweg-weweg atuh. Tapi tepi ka ayeuna ogé angger baé.
Henteu robah, henteu kaganti golodog-golodogna acan. Kalah ka pamajikanana
ririwit. Mindeng gering jeung kurang kasabaran, pédah hirup Pa Érté taya
menyatna.
“Hésé
geuning hayang ngawangun imah téh, Jang!” cék Pa Érté harita, hareupeun Pa
Lebé.
“Cék
kuring mah, jieun heula tihangna anu weweg!” walon Pa Lebé.
Enya,
kawasna mah, pangna panon Pa Érté nepi ka ngembeng ogé alatan inget ka dinya.
Inget ka imah anu henteu kungsi kaoméan.
Kuring
ngaléngkah deui. Bagean Pa Olot ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua
pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah leuwih ngembeng ti panon Pa Érté.
Naha Pa Olot téh inget ka budakna anu minculak ti batur? Enya, Pa Olot téh geus
masagi dina dunya barana mah. Ngan sapopoéna teu weléh ngungun alum. Komo
saprak Si Unéd mangkat rumaja mah. Si Unéd anu kakocapkeun sakola ka kota,
mindeng nyieun masalah anu matak wirang Pa Olot. Komo apan, Pa Olot téh jadi
jelema anu dipikolot, picontoeun urang lembur. Kari-kari ayeuna dikotoran ku
kalakuan anak. Enya. Si Unéd anu sok mabok. Si Unéd anu – cék Pa Olot – jauh
tina agama. Si Unéd anu kungsi ngagadabah Nyi Imas.
“Aing
téh henteu bisa mingpin kulawarga. Henteu bisa ngalelempang paripolah anak!”
kadéngé Pa Olot gegerendengan. Nyaritana bangun hanjelu naker. Kawas bijil tina
haté nu pangjerona.
Kuring
ngaléngkah deui. Pa Kuwu ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina
panonna aya nu ngembeng. Malah katémbong geus aya nu ngalémbéréh. Nyarakclakan.
Murag kana dék kapal. Naon anu dipaké sedih ku Pa Kuwu? Asana téh taya
cawadeunana. Tur kuring henteu kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh.
Salila mingpin désa, asa taya codéka nanaon. Malah kapaké pisan. Enya, ari
kabeungharanana mah misah ti batur. Imahna ngajengléng. Kakocapkeun bulan
hareup mah rék meuli mobil. Pakayana nu lubak-libuk, cék manéhna sorangan, lain
hasil idek-liher di balé-désa. Tapi meunang meres késang, ladang dug hulu pet
nyawa. Kari-kari ayeuna, Pa Kuwu ogé milu indit jeung Pa Lebé. Naha henteu
lebar ninggalkeun pakaya, ninggalkeun pamajikan bahénol, ninggalkeun kasugemaan
hirup?
Naon
anu keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik ogé. Tapi sanggeus sakitu
lilana didagoan, Pa Kuwu méré jawaban. Kawas nu surti, kuring téh hayang nanya
kitu.
“Di
dinya moal apal, naon anu keur jadi kabingung. Sabenerna, ku di dinya ogé bisa
dijawab. Bisa dirarasakeun. Naon anu ku di dinya dipaké handeueul satutas
ninggalkeun lembur?” pokna.
“Kuring
mah henteu boga nanaon, Pa Kuwu. Imah geus rék runtuh, sawah jeung tegal teu
boga. Ukur hiji anu dipaké hanjelu téh, kuring geus ngamomorékeun amanat Ema,
miara tangkal samoja!”
“Lain,
aya kénéh sajaba ti éta,”
“Naon?”
kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna angger, teu riuk-riuk, teu
némbongkeun robahna semu.
“Pikiran
baé ku sorangan!”
Lebeng.
Henteu kapikir.
Bagéan
Pa Lebé anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng.
Malah lain ngembeng deui, nyurulung mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana
sukuna.
Pa
Lebé, kuring apal pisan. Lalaki anu sapopoéna teu weléh basajan. Imahna
lebakeun tajug, ukur kahalangan tangkal jambu. Pa Lebé anu tara leupas ti
kopéah jeung – sakanyaho – tara ninggalkeun istigpar. Nilik kahirupanana mah,
Pa Lebé henteu kasebut bisa usaha. Malah tepi ka kiwari, hirupna angger nyorangan.
Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti harita, kawas henteu boga deui
niat rarabi. Sapopoéna idek-liher di tajug. Mapagahan barudak nu hayang diajar
ngaji.
Padahal,
naon anu dipaké sedih pikeun Pa Lebé mah. Miangna ti lembur, asana mah henteu ninggalkeun
kabeubeurat. Atawa melang ku tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa jadi, ngan
éta-étana anu dipaké hariwang ku Pa Lebé mah. Inggis taya nu bisa neruskeun
tapak-lacakna.
Henteu
kaburu bisa ngawangkong. Sabab lir dikomando deui, anu ngajaranteng dina dék
kapal téh arasup ka jero. Tinggal kuring ngajanteng sorangan. Satadina mah rék
nuturkeun, ngan asa betah kénéh. Sabab bulan anteng maturan peuting, najan
sorotna beuki pias. Cai laut angger ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur
teuing ka mana.
***
Transmigrasi.
Pindah ka alas peuntas. Néangan hirup jeung huripna. Di ditu, di tempat nu
ayeuna rék dijugjug. Ukur éta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rék ka
mana deui, ari lain transmigrasi mah. Kawasna Pa Lebé saparakanca kapincut ku
dongéng Mang Satibi baréto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit
ninggalkeun lembur. Anu séjénna mah, harita, kalah ka tingbirigidig diajak
nyorang sagara téh. Ngan Mang Satibi anu beunang disebut nékad. Inditna kadua
pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti harita, Mang Satibi
nganjang deui ka lembur. Terus ngadongéng, kumaha senangna di alas peuntas. Cék
dongéng Mang Satibi, di ditu téh manéhna geus bisa nyieun gedong, meuli motor,
meuli sawah jeung tanah. Padahal pagawéan sapopoéna mah henteu hésé, ukur
ngurus kebon sawit.
Pasti.
Pa Lebé saparakanca, kaasup kuring, rék transmigrasi. Rék ngarobah hirup di
ditu, di alas peuntas. Eukeur mah kaayaan di lembur geus teu pikabetaheun,
katurug-turug kawasna mah ingeteun kana dongéng Mang Satibi téa.
Ngan
anéhna, nu aya dina kapal, bet henteu nyaritakeun kaayaan di ditu, di tempat nu
rék dituju. Kalah ka patingharuleng bangun ngadadak manggih kabingung. Malah
aya ti antarana anu nepi ka luh-lah, kawas peunggas harepan. Ilaharna mah,
lamun rék nyanghareupan kabagjaan – sebut baé kahirupan di alas peuntas téh
kabagjaan – lain ngeluk tungkul siga nu bingung. Malah sakuduna béar marahmay.
Taya salahna sapanjang jalan gogonjakan, seuseurian, patingcakakak sangeunahna.
Enya,
kaayaan di jero kapal téh kalah matak sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu
ngadon ngalamun. Taya nu katangén ngobrol ngalér-ngidul. Taya nu katémbong
melenyun udud. Maranéhna kawas nu jongjon jeung dirina séwang-séwangan.
Kapal
téh terus nyemprung meulah jaladri. Geus henteu kadéngé sorana, awahing ku
tarik. Ngan anéhna, geus mangbulan-bulan, henteu nepi baé ka nu dituju. Kalah
ka pengeusi kapal lir nu beuki tagiwur. Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon
jeung dirina séwang-séwangan.
“Rék
iraha nepina ieu téh?” kuring nanya ka Pa Olot. Tapi ditanya ngadon ngeluk,
bari kapireng sorana inghak-inghakan.
“Ku
naon Pa Olot?”
Henteu
ngajawab.
Nyampeurkeun
Pa Érté, sarua henteu ngawalon. Komo ari Pa Kuwu mah. Hansip Oding, Ulis Odang,
Bah Wirya, sarua ngabaretem.
Kapal
angger nyemprung, teuing rék iraha eureunna.
Pangeusina
geus loba nu inghak-inghakan. Malah terus careurik patarik-tarik. Ngaguruh
sapangeusi kapal. Kuring bingung pipetaeun, naha kudu milu ceurik? Tapi kapal
angger nyemprung. Angger teu soraan. Kuring kukurilingan, ka rohang nahkoda.
Tapi taya sasaha. Kapal maju ku sorangan. Kawasna, nahkodana ogé keur milu
ceurik.
Teuing
meunang sabaraha bulan, maranéhna ceurik téh. Lila-lila, tina ceurik téh, jadi
patinggorowok patarik-tarik. Kaasup Pa Érté, Pa Lebé, Pa Kuwu, jeung nu séjénna.
“Hayang
balik deui. Gancang balik deui!” pokna.
Tapi
kapal henteu eureun. Jajauheun nepi malik arahna. Asa ketir nénjo kitu mah.
Kaasup kuring bet hayang balik deui. Sabab asa aya nu tinggaleun di lembur téh.
Enya, asa aya nu tinggaleun.
“Moal,
karah kumaha ogé, anjeun moal bisa balik deui!” aya sora ti gigireun, basa
kuring keur nangtung ngumbar katineung dina dék kapal. Sora anu agem. Tur
kuring kakara ngadéngé sora sakitu agemna. Basa dilieuk, aya nu maké baju sarwa
bodas ngajanteng.
“Saha
anjeun?”
“Pangeusi
ieu kapal!”
“Enya,
tapi naha bet nyampeurkeun kuring?”
“Pédah
wé, katémbongna siga nu bingung!”
“Naha
anjeun henteu milu ceurik?”
“Naon
nu perlu diceungceurikan?”
“Itu
geuning batur mah …”
“Enya,
maranéhna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik wé cenah. Aya nu
tinggaleun di ditu!”
“Kabéh
aya nu tinggaleun?”
“Enya!”
“Kaasup
kuring?”
“Bisa
jadi!”
“Ké,
ari ieu kapal téh rék kamana? Geuning henteu nepi baé?”
“Engké
ogé bakal nyaho!” pokna bari terus ngaléos.
Kuring
ukur bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Nu gogorowokan beuki tarik. Sora Pa
Kuwu mani pangtarikna.
“Hayang
balik deui!” cenah. Enya, dipikir-pikir mah, kuring ogé asa aya nu tinggaleun.
Pamustunganana mah sapamadegan jeung maranéhna : hayang balik deui.
Tapi
kapal terus nyemprung. Teu beunang dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina
terus maruragan. Ngamalir dina dék-dék kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba.
Beuki pinuh. Pamustunganana kapal déngdék pinuh ku cimata. Terus déngdék.
Pangeusina patingkocéak. Kuring hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Saméméh
karem, kuring bisa kénéh neuteup bulan nu beuki pias …***