Pengertian
Guru
wilangan: aturan jumlah larik dan jumlah suku kata, guru lagu; aturan rima
akhir, serta watak tujuh belas Pupuh Sunda yang meliputi Kinanti, Sinom,
Asmarandana, Dangdanggula, Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung,
Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, dan Wirangrong
beserta contoh dan lagunya.
Pupuh
téh mangrupa ugeran (puisi) anu kauger ku guru wilangan jeung guru
lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan (jajaran)
dina unggal pada (gundukan) sarta lobana engang (suku kata/vokal) dina unggal
padalisan. Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan
atawa “dang-ding-dung”-na sora vokal dina engang panungtung.
Pupuh
Sunda kabéhna aya tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar
ageung (wanda
laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula
(KSAD), jeung sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta
Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru,
Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga
ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan.
BACA JUGA : MAKALAH CELEMPUNGAN
Anapon
karangan pondok dina wangun ugeran anu dianggit maké patokan Pupuh disebutna
téh Guguritan atawa Dangding.
Kecap ‘gurit’ asalna tina basa Sangsakerta, ‘grath’,
anu hartina nyusun karangan. Kecap ‘ngagurit’ miboga harti anu sarua jeung
‘ngadangding’, nyaéta nuduhkerun kana pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan
winangun Dangding atawa Pupuh.